Majalengka bewarajabar.com - Ustad Sarip H salah saurang warga desa Margasari kec.Buahbatu Kod.Bandung, keurngayakeun silaturrahiim jeung babaturan sakola tempatna di sawah blok Cilimus Desa Wanahayu kecamatan maja kabupaten Majalengka.
Dina ieu silaturahim ( Reuunian) ngariung balakecrakan silih obrolkeun ngeunaan kahirupan baheula jeung ayeuna, masing masing nerangkeun pangalaman sanggeusna kaluar ti SMP taun 84/85, kiwari tepung deui geus karolot masing masing boga kulawarga.
Dina ieu silaturahim, nu di tanya teh lain harta imah atawa gawe tapi nu ditanyakeun teh iwal ti boga sabaraha budak jeung geus sabaraha kali kawin ma'lum baheulana tukang hareureuy. Dina riungan majar teh mun teu heureuy teh asa teu puguh cenah, jeung ku ayana ieu riungan teh asa balik deui ka jaman keur sakola puluhan taun nu katukang.
Ieu silatu rahim ngahaja diayakeunana di sawah. Jadi dina nerangkeun teh bari nuduhkeun tempat nu kungsi kaalaman ku masing masing. (Ust)
Alhamdulillah. Ku alpukahna ustad Syarif urang tiasa kempel,sosonoan,gogonjakan asa jadi budsk deui bari balakecrakan neda sareng sagala aya.,di sawahna bari wangsulna angkaribung rebo ku babawaan minangka oleh-oleh. Baarokalloh pa ustad. Pamugi urang tiasa kempel ngariung deui dina kaayaan sehat walafiat.Aamiin..