Bandung, bewarajabar.com – Keluarga ngarupakeun struktur organisasi paling handap dina hiji nagara, tapi ayana kalintang nangtukeun karaharjaan turta kaamanan nagara. Pamarentah kalintang merhatikeun kehirupan keluarga turta ngaturna dina regulasi nu kudu dituturkeun ku masarakat Indonesia. Kementerian Agama nyangking tugas berat dunia tur akhirat eta kuayana Undang-undang Nomor 1 taun 1974 ngeunaan Perkawinan.
“Perkawinan eta teu cukup ngan sawates ijab kabulna wungkul, tapi kudu aya pembinaan pikeun calon panganten boh samemeh kitu deui sanggeus kawin. Eta hal tujuanna pikeun ngajaga turta ngamumule perkawinan mapag sakinah, mawaddah, tur warrohmah. Mugia ku perkawinan nu langgeng tur harmonis bakal ngalahirkeun generasi bangsa nu wedel tur soleh jeung solehah,” ceuk Kabid Urais & Binsyar, H. Aldim, dina biantarana dina Acara Pembukaan Kegiatan Evaluasi Bimbingan Perkawinan (Bimwin) di lingkungan Kemenag Jawa Barat Taun 2018, di Aula Jayagiri Hotel Grand Pasundan Bandung, Juma’ah (02/11).
Pamarentah dina ieu hal Kementerian Agama, ceuk H Aldim, nyieun hiji kagiatan husu pikeun catin (calon pengantin) nyaeta bimbingan perkawinan nu dilaksanakeun samemeh para catin ngalaksanakeun nikah. “Bimwin ieu dilaksanakeun saluyu jeung Perdirjen Bimas Islam Nomor 379 taun 2018 ngeunaan petunjuk pelaksanaan bimbingan perkawinan pikeun calon panganten,” pokna.
Salian ti kitu, Bimbingan Perkawinan Pra Nikah pikeun Catin ngarupakeun target Kementerian Agama dina ngawangun bangsa ieu ngaliwatan kaharmonisan perkawinan nu ideal. ”Dititenan tina pentingna Bimwin eta tangtuna satiap pelaksanaanna ngabutuhkeun tahapan evaluasi pikeun nganyahokeun geus nepika mana persiapan, ngalarapkeun juknis sarta juklak jeung undang-undang nu lumaku jeung nu paling penting nyaeta opini masarakat kana pelaksanaan Bimwin pikeun nguatkeun perkawinan,” ceuk H. Aldim.
H Aldim miharep ku ayana eta kagiatan evaluasi bakal ngalahirkeun pandangan-pandangan anyar pikeun ngaronjatkeun kualitas Bimwin dina mangsa nu bakal datang.
Kagiatan ngondang 69 peserta ti Kankemenag Kab/kota, Pengelola Pelaporan Bimwin Pra Nikah, sarta perwakilan fasilitator Bimwin Pra Nikah. Dilaksanakeun salila dua poe tanggal 2 -3 November 2018 di Hotel Grand Pasundan Bandung, dibuka sacara resmi ku Kepala Kantor Wilayah Kementerian Agama Prov. Jawa Barat nu diwakilan Kepala Bidang Urais & Binsyar, H. Aldim. ( Adar Mahdar )