MARIPIH KAWALAGRIAN NAGRI LAMUN JATI GEUS KASILIH KU JUNTI

  • 534 views
  • 0 comments

MARIPIH KAWALAGRIAN NAGRI

 

LAMUN JATI GEUS KASILIH KU JUNTI 

 

Bag. Ka-3

Ku Ki Jayadiprana

 

 

 

2. 1.1. SAKOLA KU SABAB GENGSI

Hiji panyakit masyarakat di Pasundan ayeuna “gengsi”kecap gengsi sorangan hese disundakeun. Gengsi nutupan kateumampuan ku pura-pura mampu. Atawa sieun katohyan kakurangan diri nepi ka nutupan ku hal anu teu pantes dipake ku dirina. Gengsi lain era, sabab kecap era dina basa Sunda darajatna aya dihandap si gengsi hayang diluhur. Gengsi oge lain sombong. Gengsi lain basa sunda jeung hese disundakeun sabab gengsi lain tina budaya sunda. Kacida salahna lamun urang sunda ngagugu ka gengsi, ngagugulung kana gengsi. Salaku urang sunda kudu jauh tina rasa gengsi dina hirupna.

Naon nu dipimaksud gengsi anu mindingan dunya atikan di urang ayeuna?

Waktu abah sakola keur budak taun 1970an. Masyarakat parebut ka Sakola negri kusabab hiji hal. Nyakolakeun di negri murah, jauh sahandapeun sakola swasta. Perbandinganna sataun di negri sabulaneun waragad di swasta. Nyogok asup ka negri geus aya ngan itungan bisnisna, masih keneh murah nyakolakeun ka negri bari nyogok tinimbang nyakolakeun ka sakola swasta.

Sakola ka negri lain gensi tapi murah, jeung alus kwalitasna, sabab fasilitas negri zaman harita saluhureun swasta. Samalah guruna digajih ku pamarentah nepi ka loba guru mangmeulikeun sapatu atawa buku ka murid lamun nenjo buku murid dipupusan, atawa sapatu murid geus nyarengled.

Bandingkeun jeung zaman kiwari............

Sakola negri teu leuwih murah tinimbang swasta, kwalitas sakola oge sarua da teu aya budak anu teu lulus, ujian dibocorkeun, sistem lulus 100 %. Kondisi psikologi budak ku paalus-alus HP, pakean jeung Jajan maksa budak diajar dina kaayaan tekanan jiwa anu nyata. Lamun teu katarima maksa hayang asup ka negri make duit oge juta-juta.

Naon maksudna nyakolakeun ka negri zaman kiwari?

Hayang katanggar anakna pinter mampu asup ka negri, era lamun anak dianggap bodo sabab sakola di swasta. Najan akibat jiwa budak kasiksa kudu nuturkeun baturna anu palinter, ahirna budak neangan sensasi ku lampah anu minculak. Dunya atikan bakal gagal lamun kaayaan jiwa masyarakat nyakolakeun budak kabawa ku gensi teu asup akal jeung kanyataan.

Kaayaan jiwa masyarakat anu model kieu dimanfaatkeun ku ahli jeung tokoh dunya atikan pikeun neangan kauntungan pribadi jeung golongan nepi ka waragad dijadikeun alesan pikeun ngaronjatkeun kwalitas dunya atikan. Padahal elmu hal anu ghaib, atikan oge ghaib, naha lamun rek ningkatkeun dunya atikan make hal nu teu ghaib. Fasilitas jeung tempat atikan anu mewah jeung kumplit dzahirna. Moal aya manfaat lamun jiwa jeung pikiran budak teu siap diajar sabab ka sakola lain rek neangan elmu tapi hayang katanggar bisa sakola di sakola anu elite jeung alus ku batur.

 

2.1.2. MERE KASEMPETAN KEUR NYOGOK KA CALON GURU

Ieu lain pasualan anu hampang dina dunya atikan. Sabab guru kudu mibanda moral jeung mental anu utama, teu cukup pinter jeung mibanda intelektual anu kuat. Jelema anu nyogok hayang diangkat jadi guru ku pamarentah, ngandung harti moralna kacida gejulna. Hal ieu bakal nimbulkeun akibat ngotoran jiwa barudak katepaan ku kokotor jiwa guruna. Sabab kapan dina budaya Sunda kecap ‘GURU’rakitan deuheus tina “....nu kudu digugu jeung ditiru....”. Lamun guru moralna gejul sanajan teu ngajarkeun kagejulan bakal loba muridna anu nurutan gejul ahirna bakal ngalahirkeun generasi anu garejul.

Moal aya nu ngaku lamun hiji jelema diangkat jadi guru ku pamarentah hasil tina sogokan. Ngakuna mah prestasi we disaring ku rupa-rupa test kamampuan jeung kapinteran. Padahal tiap tahap test anu diayakeun ku pamarentah pabaliut amplop pikeun nutupan kakurang dirina. Jeung moal aya nu ngaku kana hal ieu. Tapi pamarentah geus mere kasempetan ka guru nu hayang jadi pagawe negri ku pirang-pirang aturan sangkan guru gurung gusuh nepi ka wani ngaluarkeun duit puluhan nepi ka ratusan juta jaman kiwari ( 2012).

Guru honor di urang tiap taun nambahan samalah geus didata ku pamarentah make momor NUPTK. Guru honor mibanda moral jeung mental anu cukup hade keur jadi guru. Bisa tahan banting sabab honorna kacida jauhna tina cukup, samalah keur ongkos ngaringkang ti imah ka sakola oge teu pimahieun. Kasabaran, kasederhanaan, guru honor geus pantes digugu jeung ditiru saacan arinya ngajar. Tapi teu dipalire, samalah nyieun hiji siasat pikeun ngangkat jelema anu teu pantes jadi guru.

Tah dina hal ieu ki sunda ulah caricing bae. Tapi kudu nyieun gerakan supaya “PULUNG” atawa empu anu linduhung bisa ngawujud, tegesna kudu pipilueun ngarojong hiji guru anu pantes digugu jeung ditiru. Dina ringkang lampah urang apal alus mana urang jeung babaturan pikeun diangkat jadi guru ku pamarentah. Urang kudu jujur pikeun usul ka pamarentah sangkan jalma anu mibanda karakter hade pikeun jadi guru diangkat leuwih ti heula, tinimbang hianat ka guru anu linduhung, ku cara teu hade ngangkat diri sorangan padahal urang sadar diri urang teu leuwih hade tinimbang babaturan, anu kapiheulaan diangkat ku pamarentah.

 

2.1.3. BANTUAN OPERASIONAL SAKOLA DUMASAR KA JUMLAH SISWA

Ngajar sapuluh jeung 40 puluh di kelas sarua wae. Sabab waragad operasional dunya atikan diitung kelas lain jumlah siswa. Tapi pamarentah geus netepkeun waragad sakola ku jumlah siswa jeung ngutamakeun bantuan ka sakola anu siswana loba. Padahal beuki loba siswa di hiji sakola beuki gampang neangan infak ti masyarakat, kolot siswa bisa rereongan keur operasional sakola, nepi ka teu kudu ngarepkeun bantuan ti pamarentah.

Kalawan make alesan sangkan sakola laloba murid, pamarentah ngutamakeun bantuan ku jumlah siswa. Akibatna disiasati ku cara anu teu hade di lapangan. Jual meuli siswa anu bakal jadi marga morosotna moral guru. Guru ngadorong budak pikeun sakola ka hiji sakola lain keur kapentingan budak tapi kapentingan dirina sabab meunang kauntungan ti hiji siswa anu kaitung gede. Antukna sakola nu deukeut jeung siswa diliwat, sabab ari rek ngajual kanu deukeut era. Jadi siswana dijual ka sakola anu jauh ti sakola make alesan ulah kurung batok jeung sajabana. Padahal beuki jauh budak sakola godaan “pergaulan” beuki gede. Seug deukeut ti imah ngirit ongkos jeung kaperhatikeun ku kolotna.

Lamun di hiji daerah barudak ngabrul ka sakola anu jauh. Sakuduna tokoh sunda ulah cicing wae, nalungtik kasang tukang anu bener. Seug aya kakurangan ti sakola anu deukeut kudu milu prihatin jeung mikiran sangkan sakola nu deukeut jeung dirina leuwih maju. Sabab kamajuan sakola anu jauh ti lembur moal kabawa seungit lemburna. Tapi lamun aya sakola maju di lemburna pasti lembur eta oge bakal kabawa seungit.

Kaputusan pamarentah ngutamakeun sakola nu gede jeung loba siswa dina mere bantuan, geus ngajadikeun sakola anu leutik kadempet tur bangkrut. Ahirna sakola gede jadi kumawasa, narik kauntunga tiluhur ti handap. Sakola jadi lahan usaha, lain lahan keur ngatik jeung ngadidik generasi. Nu boga maksud murni ngadidik generasi kadeseh. Sabab tangtu moal jual beuli siswa. Jual beuli siswa antara guru SD jeung SMP ceuk sawangan moral jeung budaya kacida teu hadena. Ku sikap teu hade hiji sakola teu mungkin bakal ngahasilkeun anak didik anu hade.

 

2.1.4. IZIN SAKOLA KACIDA HESENA

Ngadegkeun sakola kuduna gampang dibere izin ku pamarentah, sabab sakola lain niat komsersil jeung usaha tapi pikeun mere elmu jeung pangaweruh ka nonoman bangsa. Lamun sarua maksudna moal aya persaingan sakola jelema anu niat usaha ku nyieun sakola bakal ngaganti usahana ku kontrakan imah atawa dipake tempat usaha sejenna.

Tapi izin sakola ti pamarentah urang kacida hesena, tur hargana mahal kacida. Nepi ka teu katepi ku jalma nu seja berjuang. Hal ieu ngabalukarkeun sakola jadi komersial. Sabab izin sakola mahal jeung hese, antukna nu ngayakeun sakola neangan cara jeung siasat, sakolana dipake tempat usaha lain tempal amal pikeun nepikeun elmu jeung kasadaran moral katut mental. Memang lamun aya nu wani ngontrog mah maranehna patuduh-tuduh nu ahirna ngawujud oknum.

Pangalaman ngadegkeun SMP Gema Pancasila ti mimiti dipenta 40 juta, ahirna 12 juta. Kiwari keur dikeureuyeuh nyieun izin bubuhan geus deukeut jeung DPRD katut Wali kota. Tapi najan teu gede tetep, teu gratis, Izin operasional kudu ditebus ku duit. Jadi keur pejuang pendidikan anu teu boga modal kana tangtu, hese kacida hayang nyieun sakola. Antukna sakolaan dikawasa kunu boga modal. Kajadian ieu taun 2012 di Kota Bandung.

 

(HANCA)

 

Komentar
Nama
Email
Komentar
Masukkan Angka berikut
Jika Anda pernah memberikan komentar sebelumnya di Bewara Jabar, maka sebaiknya Anda menggunakan email yang sama dengan sebelumnya supaya Anda tidak harus melakukan verifikasi kembali.
Jika Anda belum pernah sebelumnya memberikan komentar, maka komentar Anda akan langsung muncul jika Anda sudah melakukan verifikasi. Proses verifikasi sangatlah mudah, Anda cukup meng-klik link yang kami kirim ke email Anda.
Email Anda tidak akan dimunculkan jika komentar Anda disetujui.
jasa pembuatan website murah
©2017 Bewara Jabar All right reserved
Kriminalitas Siber di Dunia Perbankan Perlu Diwaspadai    |    Melalui t-money, bank bjb syariah Lawan Kasus Korupsi    |    Perkokoh Ekonomi Warga via Kredit UMKM bank bjb    |    bank bjb Berkomitmen Dukung Literasi Nasional    |    Hadapi Tantangan 2019 dan Sejumlah Isu, bjb Praktikan Spirit Digitalisasi    |