DIAJAR WANOH KA DIRI SORANGAN

  • 1664 views
  • 0 comments

L

amun urang salawasna ngagunakeun akal keur mikir, beuki jéntré poékna diri sorangan, tapi beuki kasawang caangna dzat nu jadi lawanna. Sabab urang bakal beuki wanoh kana poék lumun urang teu wanoh kana kaayaan anu caang.

Lamun aya hiji dzat nu disebut “caang” lain kusabab urang wanoh jeung ngarti, tapi urang bisa nyebut kitu sanajan geus ngarasakeun kaayaan anu poék di diri sorangan anu tuluyna urang teu bisa deui nyebut ngaran dzat kasebut ku kekecapan sacara kamampuhan manusa.

Lamun aya hiji jalma, boh di luar atawa di jero agama nu henteu ngajénan ahli filsapat, ieu jadi cicirén yén jalma kasebut ahlli dholim jeung jalma bodo anu teu nyaho kana élmu agama jeung élmu dunya di mana duanana sok nyoko tina filsafat; atawa lamun manéhanana boga élmu, pasti jiwana kotor, hartina teu nyaho males budi atawa teu nyaho nganuhunkeun (syukuran).

Ulah boga sangka yén ahli filsafat téh digawé demi kauntungan dirina pribadi, jeung ulah nyangka yén maranéhanana milih pagawéan kitu kusabab mampuh nanggung perkara lian. Anapon pagawéan kitu téh henteu ngan wungkul aya mangpaatna keur maranéhanana nu ngolah nagara tapi ogé mangpaat keur sing saha anu nungtut élmu dunya, jeung gedé mangpaatna keur para ulama. Satemenna méméh maranéhanana jadi ahli filsafat, maranéhanana geus mikawanoh kana rupa-rupa pangaweruh kadunyaan, anu antukna sawanganana leuwih jembar, antukna sakuduna para ahli filsafat ditempatkeun di nu makom anu luhur ti jalma biasa.

Pagawéan filsafat salawasna néangan kaayaan anu béda antara nu hadé jeung nu goréng, adil jeung dhalim. Kumaha ngukur anu haq jeung nu bathil, ieu téh hiji upaya anu kacida beuratna, lain kusabab mikiran bakal ayana ganjaran jeung pahala sorga, tapi kusabab yakin kumaha mulyana pagawéan ieu.

Élmu ieu anu prahna disebut “diajar wanoh ka diri sorangan”. Lamun manusa geus cukup asak dina enggoning élmu ngukur diri, tinangtu rarasaan jiwana jadi lemes tur tohaga. Ulah disangka hiji banda anu badag wujudna bakal gedé kakuatanana; keur maranéhanana nu geus wanoh kana élmu tasauf jeung kimia, sanajan saeutik, maranéhanana bakal yakin yén beuki leutik hiji dzat bakal beuki gedé daya-tanagana; sabab dzat nu kasar teu sanggup nolak lamun dibentur ku dzat nu lemes.

Jadi teu kudu kagét lamun dzat atawa wujud anu ngandung jiwa bisa norobos kana témbok waja anu tohaga. Tah kitu urang bisa nyawang kumaha tohagana kakuatan sinar cahaya (laser) nu  bisa norobos kaca. Tapi tinangtu kudu dipinuhan heula syarat-syaratna, nyaéta kudu meresihan diri, teu kaasupan ku kokotor, sabab kalemesan anu kotor bakal éléh ku kalemesan anu beresih.

Dawuhan Allah: Satemenna kacida untungna jalma nu meresihan dirina. ( QS-Al A’laa, 87:14)

Meresihan diri di dieu maksudna lain kudu miceun sagala rupa kasenangan duniawi nu bisa dicokot tanpa ngalanggar hak, lain dititah nutup panon lamun aya wanoja geulis ngajak ngobrol, antukna manéhna nyangka yén dirina henteu geulis; jeung lain dititah kudu ngagolér di imah lamun aya konser musik dangdut di buruan tatanggana. Tapi kudu ngajaga ahlak jeung pasieup sarta paripolah anu “ngalanggar hak”. Boh hak di jero atawa di luar dirina sorangan.

Dawuhan Allah: Béjakeun, hayu dipangmacakeun naon nu diharamkeun keur anjeun ku Gustina, nyaéta: anjeun ulah nyakutukeun naon baé jeung (Allah) …….jeung anjeun ulah ngadeukeutan pagawéan anu kejem, boh nu kasawang di antarana atawa anu nyumput, jeung kadé anjeun ulah maéhan jiwa nu diharamkeun ku Allah, kajaba ku cara anu bener… QS- Al An’am, 6:151)

Saupamana manéhna maéhan manéh, manéhna geus ngalanggar hak, teu aya bédana ti neukteuk leungeunna sorangan, sabab geus neukteuk hakna leungeun keur molah. Tapi henteu ngalanggar aturan, lamun mémangna éta suku ngandung panyakit anu ngabahyakeun ka sakujur awakna. Jeung teu ngalanggar aturan lamun urang neukteuk leungeun sorangan kusabab éta leungeun sok maéhan batur.

Dawuhan Allah: Satemenna Allah teu dhalim ka manusa saeutik ogé, tapi éta manusa nu nyieun kadholiman ka dirina sorangan (QS-Yunus, 10: 44)

 Jadi dina diajar agama ulah sok taklid ka hiji guru, saupamana manéhna nyaram urang keur ngajauhan kasenangan dunya, tinangtu nepi ka kolot, nepi ka boga anak-incu-buyut urang moal bisa ngadalikeun diri ku taksiran anu asak, salila pilampahan urang aya dina kakaliruan. Euweuh bédana jeung urang nalika diajar nyetir mobil sakerejep ogé urang bisa nyetiran, tapi lamun urang teu bisa naksir awahan jauh jeung deukeut tinangtu dina sakerejep ogé urang bakal tabrakan.

Muga aya mangpaatna.

Ki H Dharmasetiawan Natapradja

Komentar
Nama
Email
Komentar
Masukkan Angka berikut
Jika Anda pernah memberikan komentar sebelumnya di Bewara Jabar, maka sebaiknya Anda menggunakan email yang sama dengan sebelumnya supaya Anda tidak harus melakukan verifikasi kembali.
Jika Anda belum pernah sebelumnya memberikan komentar, maka komentar Anda akan langsung muncul jika Anda sudah melakukan verifikasi. Proses verifikasi sangatlah mudah, Anda cukup meng-klik link yang kami kirim ke email Anda.
Email Anda tidak akan dimunculkan jika komentar Anda disetujui.
jasa pembuatan website murah
©2017 Bewara Jabar All right reserved
Kriminalitas Siber di Dunia Perbankan Perlu Diwaspadai    |    Melalui t-money, bank bjb syariah Lawan Kasus Korupsi    |    Perkokoh Ekonomi Warga via Kredit UMKM bank bjb    |    bank bjb Berkomitmen Dukung Literasi Nasional    |    Hadapi Tantangan 2019 dan Sejumlah Isu, bjb Praktikan Spirit Digitalisasi    |