CIUNG WANARA: DUA SIPAT KAMANUSAAN

  • 2181 views
  • 0 comments

Dasar pikeun ngalalaku, pahirupan di alam hirup kumbuh, alam jagat raya (dunya) dina sorangan atawa anu kasorangan, tangtu aya nu marengan, dina alam hirupna séwang-séwangan anu miwanda ciri jeung cara anu béda. Boh ukurannana, tangtunganana, sarta pancénNa, gumantung kana kudrat pastina anu geus di kersakeun jeung di karsakeun ku anu Mahana, tapi ukuran urang salaku anu di gelar di alam jagat raya ieu, miwanda TITIS anu ngajadi wujud, jeung TULIS anu nga jadi sipat, salaku mahluk anu leuwih ti sagalana, anu kapapancénan pikeun milaku kamulyaan anu sampurna, sangkan wujud manusa mibanda sipat kaManusaan.

Kamanusaan Manusa dileuwihkeun ti mahluk anu lianna, lain ngan ukur di aku leuwih dina kamulyaannana, tapi teges dileuwihkeun sotéh dina rasa tanggung jawabna salaku mahluk anu bakal jadi tungganganna mahluk-mahluk sasama hirup anu dicipta geusan campur marengan dina hirupna manusa, yén manusa téh salaku Parahu Hyang-na, geusan nganteur sakumna ciptaning Gusti, kuda sampurna.

Ngan Manusa anu disebut sampurna tur Mulya téh teges mibanda sipat kajembaran rasa. Di antarana boga ciri: Welas Asih, Undak Usuk, Tata karama, adat, jeung wiwaha Yuda Naraga. Jalma digelar tina pangasalan cangkang geusan Jalmaan (wadah hirup anu kosong). Ngandung Harti, ngan ukur dititipan pangawasa awal anu masih suci, tacan kabangun tur tacan ka adegan. Tacan kasipatan. Anu nyampurnakeun pikeun adegan, sipat jeung ules watekna jalma bisa ngawujud ukur mahluk jalmaan, anu kawangun tur kaules watekan ku sipat-sipat mahluk liana anu kainum tur kadahar ku dirina, lamun teu mampuh nyampurnakeunnana sangkan sampurna.

Nu buktina mahluk jalmaan sarupa kitu, tacan pas disebut manusa, jajauheun disebut manusa anu kamanusaan, sabab sipat anu ngancik dina ules watekna saperti sipat dengki, sombong, bohong, amarah jeung sarakah, éta sipat anu dipibanda ku ules watek sato, jeung tutuwuhan. Sipat jalma sarupa kitu bisa disebut “Wanara” teu béda jeung sipat urang leuweung, ngumbar nafsu, ngumbar amarah, licik, téga, tur sarakah. Dina nata diri, dina nata rasa, jeung dina nata kahirupan samar, bener jeung hadé ukur pupulasan, nyata ucap anu teu nyata, lampah teu bukti, ku alatan sinar haté ngan ukur kabébénjokeun ku kahirupan anu dasarna dunya jadi udagan.

Dunya ngawatek poho ka diri, poho kana rasa, jeung poho kana jiwa. Sabab dunya atawa kadunyaan mah watek anu kuat, ngan ukur gambaran kahayang leuwih, bari kasugemaan moal ka panggih. Iwal ti ku Manusa anu daék Tumarima.

Jalma anu di gelarkeun dina alam kadunyaan, leuwih kuat hawa dunya, tibatan jalma anu di gelarkeun dina alam Manusa. Teges lamun manusa, anu digelarkeun di alam kamanusaan, tinangtu leuwih kuat ujian jeung cobaan hirup, geusan kasampurnaan, keur ngahontal kaMulyaan. Sipat Jalma anu nitis manitis Manusa, anu kasipatan, kamanusaan, bakal teges, dina lakuning diri jeung ules watekna, mibanda tujuan hayang nyampurnakeun hirup anu ngarumasakeun yén hirup dipentés pancén, yén hirup boga hak jeung kawajiban, tur yén hirup téh aya anu campur dina dirina, anu kudu disampurnakeun, pikeun kamulyaan dina lajuning laku anu bakal disorangna.

Manusa anu kamanusaan teges jalma anu kapilih salaku palakon hirup anu geus jadi titis tulisna. Kudrat pasti ti anu Ma-HaNa, sabab iwal ti manusa anu bakal mampu ngalaksana pancén pikeun ngurus jeung ngatur, atawa ngarawat alam salaku titipan, ogé salaku sasama hirup anu dicipta. Manusa sampurna, campurna gumulung geusan ngajadi tangtung salaku mahluk anu linuhung, anu ka Gungan ku kersaning anu maha Agung, anu Maha Kersa jeung Karsa, “Gusti Anu Maha Kawasa”. Sipat Jalma anu kamanusaan disebutna; Cai Ahung (CiHung atawa Ciung) hartina hirup anu di karsa, rumasa yén hirup nyata papancén ti anu kawasa. ku nu Ma- Ha linuhung.

“Paralun , mung ukur gagambaran, tur sisigaan, tebih kanu saenyana, yén dua sifat anu ngajadi ules watekna jalmaan anu disimbulkeun tadi, bisa ngabédakeun diri anu kasipatan mana anu ngancik nyarungsum dina puraga jati ning diri pikeun ngalarapkeun naon anu jadi udagan pancénna hirup, anu ngarana Manusa, tangtu keuna ku dihin (kayakinan) jeung tangtu (dasar), aturan hirup anu nuju kana lalakon anu saenyana.

Pasukuhan Pakujajar
Ki Ajar Sunyapada, Puguron Luhur
Yayasan SKKS / Kandaga Sunda.

 

Komentar
Nama
Email
Komentar
Masukkan Angka berikut
Jika Anda pernah memberikan komentar sebelumnya di Bewara Jabar, maka sebaiknya Anda menggunakan email yang sama dengan sebelumnya supaya Anda tidak harus melakukan verifikasi kembali.
Jika Anda belum pernah sebelumnya memberikan komentar, maka komentar Anda akan langsung muncul jika Anda sudah melakukan verifikasi. Proses verifikasi sangatlah mudah, Anda cukup meng-klik link yang kami kirim ke email Anda.
Email Anda tidak akan dimunculkan jika komentar Anda disetujui.
jasa pembuatan website murah
©2017 Bewara Jabar All right reserved
Kriminalitas Siber di Dunia Perbankan Perlu Diwaspadai    |    Melalui t-money, bank bjb syariah Lawan Kasus Korupsi    |    Perkokoh Ekonomi Warga via Kredit UMKM bank bjb    |    bank bjb Berkomitmen Dukung Literasi Nasional    |    Hadapi Tantangan 2019 dan Sejumlah Isu, bjb Praktikan Spirit Digitalisasi    |